Duck hunt
Home
Versi Mobile
Tentang Aku
Buku Tamu
Site Map

Home »

» Naskah, Cerita Humor, Cerita Lucu, Cerpen, Carpon Bahasa Sunda, E-Book Online, Novel, Cerita Misteri, Cerita Horor, Kisah Nyata, Sejarah, Asal Usul, dll


» Hari: Saturday | Tanggal: 11/05/2024 | Jam: 20:08:09
»
» Di lihat : ( 56068 ) kali

Mohon ratingnya sobat


Carpon Bobodoran Sunda - Ojeg Setan
Di tulus pada: 16 Jan 2016 - 20:48:02
Oleh : Elang

Carpon Bobodoran Sunda - Ojeg Setan

Wanci geus nunjukeun jam salapan peuting, bi
Ijah gura giru balik lantaran mun kapeutingan
susah angkutan umum. Mun seug lain
tatanggana nu kacilakaan,hoream cenah besuk
karumah sakit peuting peuting. Geus satengah
jam nagen disisi jalan can hiji hiji acan angkot ngaliwat, hatena tambah tagiwur lantaran
hujan ngadadak ngagebret gede pisan, kapaksa
bi Ijah nyalingker ngiuhan dihandapeun tangkal
asem. Untungna hujan teh lila lila ngorotan, Teu
kungsi lila, duka timana jebulna ujug ujug aya
motor dihareupeun, nu numpakna langsung nawarkeun jasa . "Bade kana ojeg ?" pokna teh.
"Ieu teh ojeg...? Mangga atuh !" bi Ijah semu nu
asa asa.
"Ka Raja Galuh mang !"
"Mangga ! jawabna pondok Ditengah jalan lamunan bi Ijah kumalayang,ras
inget ka carita bi Ocoh nu nyaritakeun,yen
dilemburna keur gujrud aya ojeg kajajaden,ceuk
beja eta ojeg teh ririwana tukang ojeg anu
tiwas ditelasan ku penumpangna. Bulu punduk
bi Ijah beuki kedeplik lantaran sakeudeung deui bakal ngaliwatan kuburan tukang ojeg anu sok
ngaririwaan tea. "Boa boa nu ditumpakan teh, ojeg..ojeg...hih !" bi
Ijah ngagibrig, katambah ti kajauhan hawar
hawar aya sora anjing babaung. Najan
sapapanjang jalan dirungrung ku kakeueung,
tapi teu burung nepi ka lembur. Reg ojeg
eureun dihareupeun imah, bi Ijah gura guru turun,terus kurah koreh kana dompet nek
mayar ongkos, ngan kaparengan euweuh receh,
song ngasongkeun duit saratus ribuan
salambar. Gap ditampanan ku tukang ojeg, biur
tukang ojeg langsung mabur. Bi Ijah kontan
ngagorowok. "Ojeeeeeekkkk Seeeetaaaaannnnn !"


*****


Semoga bermanfaat.

Bagikan:
F T G 0 Rate upStar


Terima kasih telah membaca Carpon Bobodoran Sunda - Ojeg Setan

Tags Carpon Bobodoran Sunda - Ojeg Setan
Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk artikel Carpon Bobodoran Sunda - Ojeg Setan
Elang Dan Icha Elang Dan Icha Elang Dan Icha